Fanatic Social Social Club

10 IPS 2...

Taun ajaran anyar, 2017 - 2018 dikawitan. Aktifitas di Sakola ngawitan pa-sibuk-sibuk deui. Kuring jeung babaturan Guru sejenna, riweuh ningali jadwal pikeun sa-minggueun. Da cenah, jadwal tangtu bakal loba robah, alias can fix. Resepna kuring di sakola teh, kusabab bisa kempel jeung babaturan nu geus lila teu babarengan. Da anan libur tea. Taun ajaran ieu teh, kuring ngawitan deui ngajar di hiji sakola. Geningan resep, jeung tumaninah karasana. Bisa fokus ngajar jeung bisa ngabagi waktu jeung urusan Rumah Tangga. 
Di taun ieu oge, kuring dipapancenan jadi Wali Kelas  X IPS 2. Barudakna resep, mandiri, jeung balageur. Mugia konsisten nya, dak. Taun anyaran oge GTT dipasihan kalungguhan janten Wali Kelas. Mugia tiasa amanah... Aamiin..
(MN Story_Agustus 2017


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Diajar Basa Sunda (Basic)

RPP BASA SUNDA KELAS X ABAD 21 (PANGAJARAN 1 TERJEMAHAN)

RPP BASA SUNDA ABAD 21 KELAS X (PANGAJARAN DONGENG)