Diajar SKACI
Guru-guru Basa Sunda di upgrade deui pangaweruhna dina kagiatan anu judulna "Pelatihan dan Peningkatan Kompetensi Guru Basa Sunda Tingkat SD, SMP, SMA/K/MA, Kota Bandung Wilayah IV Jawa Barat" alpukahna MGMP Bahasa Sunda tingkat Kota Bandung. Kagiatan anu dilaksanakeun ping 8 dugi ka 10 Mei 2017 teh diayakeunna di SMAN 15 Bandung, Jalan Sarimanis No. 15. Dibuka ku pamapag ti Pupuhu SMAN 15 Bandung nyaeta Bapa Hatta salaku Pangaping MGMP Basa Sunda, tur dilajengkeun ku Kadisdik Provinsi Jawa Barat anu diwakilan ku Ibu Kasi Pendidikan.
Ieu kagiatan teh tujuanna nyaeta ngaronjatkeun kamampuh guru Basa Sunda dina pangajaran anu luyu jeung kamajuan jaman. Kiwari mah, guru kudu ngigelan jaman ku cara ngiring aub dina kamajuan teknologi. Diajar basa Sunda teu dirasa hese deui saupama guru Basa Sunda tiasa ngaaplikasikeun materi ajar anu dipatalikeun jeung teknologi.
Teknologi anu dimaksud salasahijina nyaeta program atawa aplikasi SKACI (Smart Education System). Program ieu teh produk asli karya urang Jawa Barat. SKACI teh naon sih? Singgetna mah, SKACI teh aplikasi anu ngagampilkeun guru pikeun nyimpen data boh administrasi pembelajaran atawa kempelan soal-soal. Salian ti eta, SKACI oge fungsina tiasa pikeun migawe latihan soal, atawa anu keur hits ayeuna mah tes anu berbasis komputer tea saperti USBK, PASBK, jrrd.
Saupama guru hilap nyandak Flashdisk anu eusina teh misalna ngeunaan bahas ajar atawa administrasi pangajaran anu kantos di upload kana SKACI, teu kedah hariwang margi guru tiasa online lajeng lebet kana akun SKACI, saterasna guru tiasa ngunduh file anu diperyogikeun.
Ku kituna, guru teh kudu resep jeung kudu seueur nyimpen data penting anu patalina jeung sakola dina SKACI. Saupama peryogi kantun lebet kana website SKACI.
Tah eta hasil kagiatan Pelatihan ieu teh, guru janten uninga ngeunaan kaleuwihan aplikasi SKACI. Mugia tiasa dianggo dina kagiatan diajar ngajar sadidinten. (mn)
Komentar
Posting Komentar